Bral Geura Miang (Puisi Pangjajap Guru keur Siswa Sakola)

Seratan ieu mangrupikeun puisi basa sunda ngeunaan puisi pangjajap keur siswa anu bade miang atanapi ngantunkeun sakola. Judulna Bral Geura Miang anu pihartoseuna mangga ngantunkeun tempat diajar anu salami ieu biasa ngumpul ngariung sangkan teras nyaah tur emut bae.

Saupami eta puisi sunda di handap dibacakeun kalawan hate ikhlas, ditambih sora dareuda anu matak sedih, maka dijamin timbul nalangsa jeung anu ngupingkeun bakal ceurik jeung sedih.

Ieu conto puisi guru keur barudak anu bade miang ninggalkeun sakola atawa pasantren :
PUISI basa sunda keur pangjajap anu bade kaluar ti pasantren neuteup alam kanyataan

Keur aranjeun, anak Bapa Santri anu awewe anu lalaki.
Anaking….
Ngitung waktu, milang lengkah
Tikiwari ka kiwari, sawaktu-sarebu waktu,
Salengkah-sarebu lengkah
Ananking…..
Asa cikeneh urang babarengan,
Icikibung dina dunya atikan nu lawas tilu taun landung.
Asa bieu antara hidep jeung Bapa silih tamplokeun rasa:
Asih, nyaah, deudeuh, ijid, ngewa, jeung keuheul

Kiwari, tuh lawang pepeuntasan geus ngadago
Kahade tigatruk-tipagut
Keur nulalawora tinangtu tangtu hese mentas

Bral anaking, sing mulus rahayu nerapkeun elmu
Di ditu hidep bakal dicoba dina pangaweruh

Jung anaking, hidep diandung pangdunga.
Wilujeng anaking
keur aranjeun nu bakal miang

**
Hampura anaking, mun letah Bapa, letah ibu 
Teu bisa nahan ucapan, hahaok bari molotot,
Da kitu adatnya neundeun kanyaah.
Bapa jenu Ibu teh inggis bisi hidep kalangsu di jalan,
Katalimbeng dina dunya sukan-sukan,
Poho balik kana jalan bebeneran.

Hampura anaking,
Ucap lampah, paripolah nu kaliwat pikeun enteung keur kahareup
**
Sakecap doa, sarebu mangfaat,
Do'a nu mujarab iwal tikukaweningan
Hate urang, hate bapa, hate ibu, hate anjeun
Munajat ka kanu kawasa
Alloh ya Robbi,
Mugi Gusti ngahapunten tina dosa jeung lampah nu lepat

Bral miang anaking,
Dunga Bapa keur aranjeun,
Muga hidep sing bisa neruskeun lampah
Nutur catur tolab elmu tug ka jucung,
KuridoNa Alloh bakal kinasihan

Cag! Sakitu eta conto pidato sedih pangjajap guru pikeun santri atau siswa siswi sakola anu bade kaluar miang ngantunkeun lembaga pendidikan.
Baca oge papatah kolot pikeun lenyepaneun.