Runtuyan Acara Dina Akad Nikah Adat Sunda

Rengrengan Kulawarga Calon Panganten Istri parantos siap kalayan merenah payuneun Rombongan Calon Panganten Pameget, diandeg heula di payuneun bumi.
Iber Pidato ti MC :
Ka rombongan pipanganteneun pameget, pamugi kersa ngantos heula sakedap, sakantenan memeres rombongan, atanapi tamu nu sanes, anu kaleresan teu acan siap.
Ka Pager Bagus sareng Pager Ayu nu bade mayungan Calon Panganten Pameget, mangga dihaturanan kanggo mapag, ngiringkeun Calon Panganten Pameget ka bumi Pipanganteneun Istri.
Bari ngantosan nu mapah, Narasi MC, sapertos kieu :
Itu geuning, calon panganten geus sumping.
Kitu deui nu garinding, haturan bagea sumping.
Enya geuning, mana lucu-lucu teuing.
Nineung teuing, bagja teuing.
Anaking bagea sumping.
Enya geuning, nu dianti-anti sumping.
Nu kasep jimat awaking.
Baeu banget deudeuh teuing.
Di lawang panto, dina panyaweran, diandeg deui, dipapag ku Ibuna
Pipanganteneun istri, dikangkalungan kembang malati.Mangga ka ibuna pipangantenneun istri, pamugi kersa ngangkalungkeun kembang malati, saparantosna dikangkalungan kembang malati, pipanganteneun pameget munjungan ka ibu-ramana pipanganteneun istri, kitu deui ibu ramana pipanganteneun pameget, pada-pada munjungan kadua pihakanana.
Narasi MC:
Jemplang Karang.
Haturan kasep haturan
Haturan bagea sumping
Ibu kebek ku kasono
Ka hidep anu raspati
Panyileukan beurang peuting
Ibu teu weleh nunuhun
Hidep nu jadi harepan
Jagong tuhur beunang ngunun.
Nu kasep bagea sumping.
Cikur jangkung pamuraan.

Anaking paranglay teuing.
Cunduk waktu ninggang mangsa
Nitih wanci nu mustari

..................................................................................
Mangga ka Pipanganteneun Pameget oge ka ibu ramana dihaturanan calik di tempat anu parantos disayagikeun.
Bawiraos ka para tamu nu teu acan kaagehan tempat, mangga milarian tempat heula, supados rada salse, sateuacan ieu acara dikawitan.
Bubuka MC.
Bismillaahirahmaanirrahiim.
Alhamdulillaahilladzii khalaqa lakum min amfusikum azwaajaa, litaskunuu ilaihaa, waja 'ala bainakum mawadah warahmah, wash shalaatu was salaamub'alaa mal laa nabiyya ba'dah. wa 'alaa aalihii washah bihii wamaw waalaah, laa haula walaa quwwata illaa billaahi al aliyyil adhiim. amma ba'du.
Ibu-bapa hadirin sadaya, utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah. Puji syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, anu nangtayungan urang sadaya, siang kalayan wengi. Muga-muga rahmat miwah barakahNa, kasanggakeun ka Nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para shahabatna, ka para kulawargana, sareng ka sadaya umatna anu satia-satuhu ka anjeunna, khususna ka sapasang calon panganten. Atas nami shahibul bait, sim kuring nyanggakeun haturan sumping, ka para tamu sadaya, disarengan ku kabingah nu taya hinggana, ku kasumpingan ibu-bapa sadaya, dugi ka rada sesah, ngarekana ku basa.
Malah mandar teu ngalantur ngawur saur, urang kawitan bae ku acara nu munggaran, minangka nyerenkeun pipanganteneun pameget, dina acara seren tampi dinten ieu.
Ka sesepuh ti rombongan calon panganten pameget, mangga nyanggakeun.
SESERAHAN
Nyerenkeun calon pipanganteneun pameget.
Bismillaahirahman nirrahiim.
Alhamdu lillaahil ladzi arsala rasuulahu lahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah. Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma ba'du.
Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal. Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada. Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.
Ibu-bapa, hadirin sadaya, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da bubuka nembe, mitembeyan, minangka pangjajap saur, widian sim kuring medar pamaksadan, sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan, ti.....(tempat panganten pameget) ka dieu.......(tempat panganten istri ), saur basa pujangga mah, jauh dijugjug anggang diteang, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, matak reuwas nu kasumpingan, sim kuring, minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita, ti kulawarga Bapa ...........(Ramana Panganten Pameget), sarimbit, anu maksadna taya sanes :
- Kahiji, seja nganuhunkeun ka pribumi, wireh ditampi ku tata titi anu raspati, panyambatna nu bear marahmay, someah hade ka semah, matak luginakana manah, nawiskeun, yen pribumi kalebet jalmi linuhung budi, anu resepngamulyakeun tatamu, hatur nuhun ...., mugia bae kasaeanana ieu dibales kuAllah Nu Rahman Rahim.
- Kaduana, seja nyanggakeun silaturahmi nu langkung jembar, minangka panyambung tina silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker,antawis kulawarga ............(Ramana Panganten Pameget ) sareng kulawarga...........(Ramana Panganten Istri) didieu, mugia bae beungkeutansilaturahmi antawis rombongan calon panganten pameget, sareng kulawargacalon panganten istri saparakanca ieu, tiasa ngajantenkeun pirang-pirangkasaean.
- Katiluna, seja nyambung saur kapungkur, anu kantos pasini, antawis kulawarga .........(Ramana Panganten Pameget), sareng kulawarga .............(RamanaPanganten Istri) didieu, wireh pun dulur, Saderek .............(PangantenPameget), putra lalaki, cikalna, ti kulawarga Bapa ...............(RamanaPanganten Pameget), sarimbit, kantos nyimpen carios sareng tuang putra Neng .........(Panganten Istri), upami teu aya cegahing Allah Nu Murbeng Alam, kalayan didadasaran ku itikad, anu clik putih clak herang, seja tatahar, ngajak sasarengan rumah tangga sareng tuang putra. Mun kapungkur, lamunan teh ngan ukur angen-angen wungkul, kamari nu masih keneh janten beubeureuh maneuh, bebene pamepes hate, kiwari, dina dinten Ahad ieu, aya kahoyong ti saderek Bambang ieu, manawi aya kaweningan galih ti tuang putra, sareng ti sepuhna tangtosna oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh, hoyong kapimilik, malah dipaparah, diangen-angen, sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas, laksanana kapiduriat.
- Kaopatna, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna rumah tangga, upami aya kaweningan galih, ka iklhasan manah, ti wali calon panganten istri, anu mangrupi "ijabna" ditema ku panganten pameget minangka "qabulna", ayeuna, mangga, kasanggakeun pamegetna, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kabodoanana, kala’ipanana sareng katalingeuhanana, siangna, wengina, mangga, nyanggakeun, sarta pangjajap pidu'ana, malah mandar, rumah tangga para putra urang jaga, aya dina ginanjar kawilujengan, janten wangunan rumah tangga anu sakinah, rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu baldatun thayyibatun warabbun ghafur.
- Kalimana, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kituge sanes bade ngaluli-luli, nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul, sapulukaneun pangjajap itikad, pangjurung maksud ti pun dulur, saderek .............(Panganten Pameget), beas sacanggeum, encit sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan wungkul, estuning saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak ngisinkeunana, pamugi anu kasuhun, kersa nampi cacandakan saderek ...........(Panganten Pameget) ieu. Kagenepna, hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah kadongkapan sim kuring saparakanca ieu, tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya saur bahe carek, catur nu teu kaukur, carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja, estuning tina kakirang sim kuring wungkul.
- Pamungkas, sim kuring neneda ka Allah SWT, mugia anu bade ditikahkeun ieu,sing runtut raut, lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adohbalaina, jatnika salalamina, dina enggoning laki rabina. Deudeul du'a ti awal bae, geulis, kasep : "Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu bade ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu bade ditikahkeun dina kasaean. Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin, Yaa Mujibas saa 'iliin.
Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
MC:
Hadirin rahimakumullah, rupina teu kedah dikomentaran deui, naon-naon nu parantos kasaksen sareng kakuping ku urang sadaya nembe. Bade dibujeng enggalna bae, ayeuna ka sesepuh ti pihak pipanganteneun istri, dina waktos ieu, nu bade ngawaler sareng nampi, pipanganteneun pameget ieu teh, diwakilan kunu janten sesepuh ti pihak kulawarga calon panganten istri,waktos sareng tempat mangga kahaturkeun.

PANAMPIAN : Nampi calon pipanganteneun pameget .
Assalamu 'alaikum warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alahamdu lillaahil ladzii arsala rasuulahu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hiraahu alladziini kullihi wakafaa billaahi syahidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu waraasuluhu la nabiya ba'dah. Allaahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqa, amma ba'du.
Ibu-bapa, hadirin sadaya utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da bubuka nembe, mitembeyan minangka pangjajap saur, Sim kuring minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga .........(Ramana Panganten Istri), Ramana pituin calon panganten istri Neng .................(Panganten Istri), nyanggakeun haturan sumping, disarengan ku laksa keti kabingahan, ka para wargi sadaya, anu parantos kersa ngadongkapan ka ieu patempatan, mugia bae, kasumpingan para tatamu ieu tehsing ngajantenkeun hiji ibadah anu ditampi ku Allah SWT. Amin yaa Allah Yaa Rabbal alamiin.Kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh, balungbang timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna eusi dada sim kuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu beres roesna, atuh nu dipasrahkeunana, sakitu gindingna, sakitu tegepna,dedeg sampe rupa hade, anu lajeng dipasrahkeunana pisan, kantenan, eta nu diajeng-ajeng siang kalayan wengi teh, malah tos asa beuheung sosonggeteun, sim kuring sakulawarga tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo Neng .............(Panganten Istri) mah, inggis pajar teh, sieun Kang ................(Panganten Pameget), teu cios sumping, saur juru mamaos mah kieu cenah geuning,Yeuh badan abdi buktina,kapan sakieu reksakna, manis, kapan sakieu reksakna, dunungan, hate teh awut-awutan, ku lami puyang payengan, dunungan, ayeuna mah geuning, ku lami puyang payengan.. Nanging buktosna mah bet ngembang boled, nu dianti teu burung dugi, nu ditunggu teu burung cunduk, kalayan salamet teu kirang sawios-wios, atuh kantenan, ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murba, binarungan bingah amarwata suta, bingah anu teu aya hinggana.
Nya kitu deui cacandakanana, sakitu seueurna, sakitu numpukna, kirang kumaha deui, sok sanaos yaktos teu diantos-antos, ditampi kalayan kabingahan,henteu bade diteundeun dihandap-handap, estu disuhun dina embunan-embunan, mugia bae, janten hiji kamangfaatan, pikeun barudak nu bakal nyorangkahirupan dunya anyar, dina wanda wangunan rumah tangga.
Sawangsulna, mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina leresan panampian, utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten
Pamungkas rupina, urang sami-sami ngadu'a bae ka Allah SWT, mugia paneja barudak nu bade jatukrami ieu, miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna, tiasa diijabah ku Allah SWT, "Barakallaahu laka wabaraka alaika, wa jama 'a bainakumaa fii khaiir" Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal alamiin, Amiin yaa mujibas saa 'ilin,
Wasallam mu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

MC:
Alhamdulillaahi Rabbil 'alamiin, kalayan Rahmat Nu Maha Kawasa, acara seren tampi, dina enjing-enjing ieu, parantos dilaksanakeun kalayan lancar, teukirang sawios-wios, keuna kana paripaos “batu turun keusik naek”. Cep .............(Panganten Pameget) purun Neng ...............(Panganten Istri) na oge daek. Kanggo langkung euyeubna ieu acara, ka sepuhna calon pipanganteneun istri, oge ibu-ramana calon pipanganteneun pameget, dihaturanan ngadeg, kanggo seren tampi, masrahkeun cacandakanana, tinu janten calon panganten pameget ka fihak calon panganten istri, simbolis bae rupina, ku ibuna calon pipanganteneun pameget ka ibuna calon pipanganteneun istri. Atanapi ti Ibu ................(Ibuna Panganten Pameget) ka ibu ..........(Ibuna Panganten Istri), atuh ka Juru Foto, bilih peryogi kanggo dokumentasi, manga dipasihan waktos kanggo motoanana. Cacandakan nu sanesna, tiasa ekstapet bae, dihaturkeun ka rengrengan pager bagus, atanapi pager ayu, atanapi kadang wargi ti pihak kulawargi calon pipanganteneun istri, nu sanesna tiasa ngabantuan kanggo nampi cacandakan ti para tamu ieu, disimpen heulaanan dinu merenah, supados rada salse.

Hadirin rahimakumullah. Saterasna, acara dilajengkeun kana acara akad nikah. Aya harewos ti dua pihak anu bebesanan ieu, akad tikah teh hoyong di masjid bae saurna teh, ku kituna ka para tamu, kadang wargi, hadirin sadaya, urang sasarengan bae, ngiringkeun pipanganteneun ieu, ka Masjid ......................, kaleresan teu patos tebih.

Mangga ka pager bagus anu bade ngiring ngaping pipanganteneun ieu, tiasadiawitan bae.sing rada anca we Cep ...............(Panganten Pameget) oge Neng ...........(Panganten Istri) teu kedah gurung gusuh teuing, bilih geubis.

PROSESI AKAD TIKAH
Akad Nikah di Masjid........................
Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.
Alhamdulillah, ayeuna parantos dugi kana wanci nu mustari, calon panganten duanana, wali, para saksi, sareng Bapa Naib, parantos sami-sami hadir.
Upacara akad nikah bade dibuka, ku maoskeun ayat-ayat suci Al Qur-anul Karim. Nu bade kasanggakeun ku kersana Ustadz ..............., sareng Sari Tilawatul Qur-an na, kasanggakeun ku kersana Ibu ................., kayungyun deui wae, nu ngaos Qur-an na carogena, sari tilawah ku istrina.
Ka Ustadz ................. sareng .............., mangga waktos sareng tempat kahaturkeun.

BUBUKA KU MACA AYAT SUCI AL-QUR'AN
Bacaan Al Qur-anul Karim sareng Sari Tilawah.

Salajengna ditema ku khutbah Nikah, nu bade kasanggakeun ku kersana Bapa K.H. .................................... Ka pangersa Bapa K.H......................, mangga waktos sareng tempat kahaturkeun.

KHUTBAH NIKAH
Khutbah Nikah..........

Alhamdulillah, khutbah nikah parantos didugikeun nembe, kanggo pibekeleun para-putra urang nu bade dirapalan, nanging teu mustahil, khutbah nembe teh, pikeun panggeuing kanggo urang sadaya nu parantos janten panganten bari.Hadirin rahimakumullah. Insyaa Allah, dina acara puncak dinten ieu, mangrupi akad nikah antawis Cep ............(Panganten Pameget) sareng Neng ................(Panganten Istri), sareng nu janten walina.

Bilih hilap, ka sadayana bae, panuhun, ka ibu-bapa sadaya, anu sami hadir dinten ieu, upami engke dina ijab-qabulna lancar teu kirang sawios-wios, panuhun, sakali deui panuhun, teu kedah dikeprokkan sagala rupi, urang sami-sami du'akeun bae, ieu panganten teh ku du'a : "Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khair". Ka bapa Naib, mangga nyanggakeun.

AKAD
Akad Nikah.......
Alhamdulillaah, ti danget ieu Neng .................(Panganten Istri) sareng Cep ..............(Panganten Pameget), parantos ngadahup kalayan resmi kasaksen ku balarea, mugia sing runtut raut, rukun sabilulungan, sapapait samamanis, rahayu salamet di dunya katut di akherat jaga.

Ngalebetkeun lelepen sareng Masangkeun Mas Kawin
Ngalebetkeun lelepen sareng Masangkeun Mas Kawin kana Panangan Panganten Istri. Acara salajengna, nyaeta ngalebetkeun lelepen. Ka Cep .................(Pamanganten Pameget) oge ka Neng .............(Panganten Istri), mangga ngadeg papayun-payun. Neng ......(Panganten Istri) sok lebetkeun lelepen Kang..............(Panganten Pameget) teh, kana jariji tengenna, mangga bari maos


Bismillaahirahmannirrahiim.
Alhamdulillah, pancen Neng ..............(Panganten Istri) parantos rengse, ayeuna kantun Cep..............(Panganten Pameget), ngalebetkeun lelepen Neng......................(Panganten istri), Sok mangga Kasep, lebetkeun lelepen Neng .............(Panganten istri) teh, kana jariji panangan anu tengenna, teu kedah gurung gusuh, kasep, anca we, lalaunan, sing tarapti, peell, sok dedetkeun, kituh, tos lebet mah gampil, nya.

Alhamdulillaah, acara ngalebetkeun lelepen parantos. Ayeuna urang lajengkeun kana masangkeun mas kawin, masangkeun pinggel ku panganten pameget, ku Cep ......(Panganten pameget) ka Panganten Istri, ka Neng ..............Hadirin sadaya, urang teraskeun kana acara sungkem ka ibu-ramana panganten. Ka ibu-ramana panganten, dihaturanan ngalih calikna, Ibu ..............(Ibu Panganten Pameget) sareng Pa ...........(Ramana Panganten Pameget) di paliih kiwa, ibu ...............(Ibuna Panganten Istri) sareng Bapa.................(Ramana Panganten Istri) palih tengenna.

Kahiji, Neng ..............(Panganten Istri), sungkem ka Mamah, Neng, sok munjungan ka Mamah, oge Cep ..................(Panganten Pameget) sok munjungan ka Ibu, Kasep. Kedalkeun, minimal atuh dina hate wae. Mamah, hapunten abdi, hapunten abdi. Salami Mamah ngarorok abdi, tug dugi ka kiwari. Du'akeun abdi duaan, rek hirup macakal. Mitembeyan, ngojayan kahirupan rumah tangga. Eulis,kasep, jimat Mamah anaking. Hidep pupujaning ati, Mamah jeung Bapa. Dihampura ku mamah, Geulis, Kasep. Sanajan ayeuna hidep macakal. Kanyaah Mamah, kanyaah Bapa, mo aya sudana.Bral didu'akeun ku Mamah. Lakuna sing jadi lalanang jagat.Tandang lir lalaki langit.Geura mangkat geura miang. Rajahna waras waluya.Beunang ngasuh ti lelembut.Ngatik ngaping ti leuleutik.Prak geura pajangkeun. Kasep, geulis.

Ayeuna gentos, Neng ...............(Panganten istri). Cep .................(Panganten pameget), pek munjungan ka Rama sewang-sewangan. Eulis, kasep, Jungjunan. Hidep duaan kiwari rimbitan. K awajiban keur duaan.Sing sareundeuk saigel. Sabobot sapihanean.Mugia temen tinemenanBapa ngajurung laku.Ka hidep duaan.Rek nempuh lalakon anyar Ngeusi hartina rarabi. Hirup kumbuh rumah tanggaMustari nitih ka wanci.

Ayeuna gentosan, Neng ................(Panganten istri) munjungan ka Ibuna Kang ...............(Panganten Pameget), Atuh Cep ..................(Panganten Pameget) munjungan ka ibuna Neng.................(Panganten Istri). Du'a ibu ka hidep duaan. Hidep masing teguh rukun. Salebeting laki rabiUlah unggut kalinduan. Gedag kunu lain-lain. Pria tata wijaksana.Mun istri titi berbudi.Sarigig kudu jeung harti.Sarengkak kudu merenah.Kelet bawel bahe carek.Tumanan heman ariman.Tatakrama ka sasama.Tuju laku nu rahayu.Siar jalan nu waluya. Mangga gentos deui, ayeuna Neng .................(Panganten Istri) munjungan ka ramana Kang .................(Panganten Pameget), atuh Cep .......................(Panganten Pameget) munjungan ka Ramana Neng..........................(Panganten Istri). Pidu'a ti Bapa saeutik. Bapa mah tangkal waluya. Pangeran anu Ngawasa. MantenNa anu Kagungan. Allah Nu Rahman Jeung Rahim. Mangka temen teguh iman. Mugi Gusti nangtayungan.Ka hidep duaan, salalawasna.
Mangga, cekap. Alhamdulillaah acara sungkeman rengse nembe.
Ka para tamu miwah hadirin sadaya, prosesi akad nikah di Masjid........................... parantos rengse, acara pangwilujeng mah urangteraskeun di bumi bae, ku kituna ka ibu-bapa sadaya, ngawakilan pribumi tangtosna oge, manawi kawidian ti sadayana, kanggo pangwilujeng ka dua panganten ieu, diantos di rorompok saurna teh, di Jl...........................................Bilih bade aya acara sawer, buka pintu sareng huap lingkung.

 SAWER
Sawer, buka pintu. Sareng Huap Lingkung.
Hapunten ka para tamu, utamina ibu-bapa sadaya, hoyong pakaulan ieu teh,
dina acara sawer ieu, sok sanaos sora teh teu patos sae, pedah ka Neng
.......................(Panganten Istri) mah asa ka anak sorangan puguh ge.
Da ti bubudakna sareng pun anak nu cikal sapangulinannana, oge ka
Cep..................(Panganten Pameget), da puguh ka asuh unggal waktos di
rorompok, urang sawer sakalian ka Bapa geulis, kasep.
Kidung Pelog
Kalayan asma nu agung
Anu sifat rohman rohim
anu welas ka makhlukna
Amit medarkeun talari
Medarkeun tungkusan rasa
Parepehna hirup hurip
Seja nuturkeun piwuruk
Kawiatan ku pribumi
Ngagentos ibu ramana
Heulakeun panganten istri
Anu geulis kembang soca
Tekanan beurang jeung peuting
Ka caroge masing tumut
mipangeran lahir bathin
Tumut sugri parentahna
Singkiran sungkan sukingki
Peupeujeuh arek ngabantah
Bisi kasibat kabadi.
Sing jauh tina salingkuh
Malar jadi repeh rapih
Ka sanak kadang sing jembar
Mi asih ka kulawargi
Bakti hormat jeung tilawat
Ulah kendat masing meujit.
Kidung Salendro
Kang uga cunduk waktu
Katitih katarik tulis
Hidep dikawasa murba
Nangtayungan beurang peuting
Wajib mingpin ngasug garwa
Mikadeudeuh, ngaping-ngaping
Ka garwa sing asak ma’lum
Pageuh mageuhan kadali
Lamun garwa pareng salah
Wurukan ku budi manis
Ulah dihaok disentak
Bisi mangpaung risingis.
Pameget sing kukuh pengkuh
Ulah dapon ngumbar biwir
Sautak-saeutik talak
Bisi kaduhung di akhir
Harempoy ngarum mangasay
Leumpeuh dipeureuh kapeurih.
Amin Ya Rabbal alamiin
Mugi Gusti nangtayungan
Buka Pintu
Embat-embat (Istri)
Ya Allah tobat yaa Rabbi
Eta teh saha diluar
Bet ngetrokan bae panto
Taya bemakaramana
Henteu rido henteu suka
Naha andika teu mafhum
Kapan kula teh rimbitan
Kentar Cisaat (Pameget)
Aduh enung, teungteuingeun teuing
Sing hawatos panto geura buka
Engkang teh ngiring ka jero
Kapan parantos tutuhu
Dirapalan ku bapa Naib
Nyumponan ki siku wungrum
Papagon Agama Islam
Engkang teh caroge eulis
Ulah hamham salempang
Sinom Pangrawit (Istri)
Karah teh panutan ati
Sembaheun dunya akherat
Nu mundut dibuka panto
Sumangga engkang sumangga
Estu sukalillah pisan
Nya hate balumbang timur
Caang bulan opat belas
Malah ti tadi ge abdi
Parantos kesel ngantosan
Hate asa diganggayong
Mung abdi gaduh paneda
Lawang mo waka dibuka
Mugi nyumponan pamundut
Tawis engkang mikacinta
Pameget
Gunung inten pupujaning ati
Jimat engkang mas mirah berlian
Mustikaning padon kabeh
Naon anu dipundut
Pinggel kalung sumber mas picis
Raksukan sareng sinjang
Sumeja kahatur
Bujeng-bujeng harta banda
Jiwa raga mo bade disisikudi
Eulis anu kagungan.
Istri
Teu kinten kabingahan
Engkang miwelas ka abdi
Taya dunya kinasihan
Ti lahir dugi ka bathin
Ananging panuhun abdi
Sanes emas inten jambrut
Mung hoyong kalimah kalih
Memeh lebet ngucapkeun
Syahadat heula.

Rengse sawer sareng buka pintu, diteraskeun kana acara huap lingkung. Ka Ibu
……………(Ibuna Panganten Istri) sareng ka Ibu …………..(Ibuna Panganten Pameget),
mangga dihaturanan nyandak sangu koneng hiji sewang, teras ngahuapan putra
masing-masing, disambung engke ku Bapa………..(Ramana Panganten Istri) sareng
Bapa……………(Ramana Panganten Pameget), sakantenan, huap pamungkas tinu janten
rama ka putra.
Mugi Gusti Nu Sipat Rahman Rahim, ngalimpahkeun rahmat kurnia ka panganten,
nu ayeuna bade ngicip-ngicip rejeki Gusti.
Huap anu wekasan sareng munggaran, disebat huap wekasan, margi ngarupikeun
huap pamungkas ti ibu-rama, disebat huap munggaran, margi mangrupi huap nu
ngawitan ti panganten pameget ka panganten istri, sareng sawangsulna.
Mangga ibu-ibu tipayun, teras disambung ku bapa-bapa, ramana.
Anaking pupujan ati, puputon kembang kadaton.
Ieu Mamah jeung Bapa mere huap nu pamungkas.
Ti leuleutik hidep dijaring beurang peuting.
Ku Mamah jeung Bapa.
Ayeuna mah geus sawawa, bral geulis, kasep.
Geura lugay macakal, hirup mandiri.
Mamah jeung Bapa sambung du'a.
Sing panjang punjung, panjang umur.
Cageur beuteung waras badan.
Jauh balai parek rejeki.
Rahayu salamet dunya akherat.
Kadeudeuh kaheman Mamah jeung Bapa.
Nganteng taya wates wangenna.
Lir gunung tanpa tutugan, sagara tanpa muara.
Najan pangjeujeuh diheuleut ku papisah, rumah tangga.
Pamungkas acara silih benyeng bakakak, sareng silih huapan.
Bakakak hayam parantos sayagi, oge sangu koneng sakeupeul sewang.

Benyeng
Sagalana tos sadia
Panganten tuang daria
Panggang hayam dipayunan
Panganten tuang duaan
Nyeng, benyeng benyeng benyeng
Saha nu tarik benyeng
Nyeng, benyeng benyeng benyeng
Saha nu tarik benyeng
Panganten silih huapan
Silih beulitkeun panangan
Jiga nu ayang-ayangan
Ayang-ayang duaan
Ayang ayang ayangan
Bari eelengehan
Ayang ayang ayangan
Bari eelengehan

Iber Ti MC.
Ibu-bapa hadirin ikhwatulk iman rahimakumullaah.
Alhamdulillaah, acara ka acara rengse kalayan lancar teu kirang sawios-wios,
sambil ngantos panganten gentos raksukan, supados rada salse, urang
lajengkeun bae tuang sapulukaneun lumayan sabrang salayan, lebet ka cabe mah henteu.
Engke upami panganten tos saged deui, urang sami-sami para tamu sadaya, boh
ti pihak panganten istri, atanapi ti pihak panganten pameget, utamina uleman
sadaya, tatangga anu caket, dihaturanan ngadugikeun pangwilujeng, patepang
dampal panangan, sareng Neng ……………..(Panganten Istri) anu parantos jatukrami
sareng Cep …………………(Panganten Pameget).

Nu dipalar pidu'ana ti sadayana. Kukituna, ngawakilan ti fihak kulawarga,
sim kuring ngahaturkeun timpah nuhun anu teu aya hinggana, ku kersana
ibu-bapa, ngaluuhan ieu acara, nyumponan pangulem ti shahibul bait siang
ieu, mugia bae sumpingna ibu-bapa sadaya, ka ieu tempat teh sing
dijantenkeun ibadah, anu ditampi ku Allah SWT. "Jazakumullaahu khairan
katsiraa, wa tsawaban jaziilaa".

Kalihna ti eta, ngemut kana tuntunan agama, kapan saurna ge :"Bewarakeun
pertikahan aranjeun ka balarea, sok sanajan ngan ukur siduru isuk". nu
dipalar pidu'ana ti sadayana.

Atuh ka panganten duaan, Ka Cep ………………..(Panganten Pameget) sareng
Neng…………(Panganten Istri), anu nuju nyeuseup maduna pertikahan, ngawakilan
ibu-rama hidep duaan, ngawakilan sepuh-sepuh urang sareng sadaya kadang
wargi, mung ukur tiasa muntang ka Allah Nu Murbeng Alam, mugia pernikahan
aranjeun duaan, dina nyorang kahirupan rumah tangga jaga teh, sing aya dina
ginanjar kawilujengan, sing janten rumah tangga anu sakinah, janten wangunan
rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah
tangga anu baldatun thayyibatun wa rabbun ghafuur.

Bawiraos, henteu aya nu langkung pantes didugikeun ka hidep duaan dina
wangkid ieu, iwal ti deudeul du'a, mugia Allah SWT ngajantenkeun pernikahan
aranjeun duaan teh, pernikahan anu diraksa ku MantenNa salalamina.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, limpahkeun pirang-pirang anugerah ka panganten ieu,
eusian sakuriling panganten ieu, ku pirang-pirang piwelas Gusti.
Hijikeun anu ditikahkeun ieu teh, dina beungkeutan anu pageuh tur lana dugi
ka jaga.

Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngajantenkeun pisahna ieu
pertikahan, sareng henteu aya dina pirang-pirang pacengkadan
Sareng mugi Gusti nyumponan sagala kabutuh dua pihakanana, kabutuh istrina,
kabutuh carogena, kabutuh dunyana katut kabutuh akheratna.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, saestuna abdi sadaya nyuhunkeun pitulung ka Salira,
pamugi ngalimpahkeun rasa deudeuh rasa asih ka dua pihakanana, eusian rumah
tanggana ku putra-putra anu shaleh, putra istri sareng putra pameget, raksa
tur piara duanana tina sagala rupi tipu daya, gampilkeun duanana dina milari
rizkina, sareng mugia duanana dijantenkeun kana golongan anu shaleh.

Allaahumma Yaa Allah, abdi sadaya muntang ka Salira, tina kasalametan di
dunya katut di akheratna, sareng mugia tiasa syukuran ka Salira tina sagala
pirang-pirang kani'matan.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh, sapertos
ngahijina Nabi Adam sareng Siti Hawa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh,
sapertos ngahijina Jungjunan abdi sadaya Nabi Muhammad SAW sareng Siti
Khadijah Al Qubra, jantenkeun anu ditikahkeun ieu, sapertos ngahijina
shahabat Ali Radiyallahu Anhu sareng Siti Fatimah Az Zahra.

Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu ditikahkeun ieu, sareng mugi
Gusti ngahijikeun ka anu ditikahkeun ieu dina kasaean.
Allaahumma bifadl lika 'ummanaa, wa biluth fika huffanaa, waj 'al haadzal
'aqda 'aqdaan mubaarakan ma'shuumaa, wa alif bainahumaa ulfatan, wa qaraaran
daa-imaa, walaa taj 'al bainahumaa furqatan, wa firaaran wajhusshuumaa, wak
fihimaa mu-natad dun-yaa wal aakhirah.

Allaahumma innaa nas-aluka an tulqiya bainahumal mahabbata wal widaada, wa
an tar zu qahuman naslash shaaliha minal banaati wal aulaad, hattaa
turiyahumal asbatha wal ahfaad, wa an tah fadhahumaa mim makaa yidil khalqi
ajma'iin, wa an tuwas si'a lahumar rizqa, wa an taj 'alahumaa min 'ibadikash
shaalihiin.

Allahumma inna nas -alukal 'aafiyata wa dawaamal 'aafiyah, wasy syukra
'alaal 'aafiyah.
Allaahumma allif bainahumaa kamaa allafta bainaa abiinaa Aadama wa umminaa
Hawaa-a, wa allif bainahumma kama allafta bainaa sayyidinaa Muhammad
Shalallaahu "alaihi wasallam, wa sayyidatinaa Khadijatal Kubraa, wa allif
bainahumma kamaa allafta baina sayyidinaa 'Alii wa sayyidatinaa Fatimataz
Zahra-i, wa allif bainahumaa kamaa allafta bainal maa-i wats tsalji.

Barakallaahu laka wa baraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khaiir.
Washalallaahu 'ala sayyidinaa Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihi
wasallam.
Wal hamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alaamiin.
Amin Yaa Mujiibas saa 'ilin.
Wassallam u 'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.