Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 5

501. Teu boga pikir rangkepan.
Hartina : Teu curiga saeutik-eutik acan.
502. Raweuy beuweungeun, rambay alaeun.
Hartina : Loba dahareun, da loba pepelakan.
503. Asa rawing daun ceuli.
Hartina : Teu ngeunah haté ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.
504. Karawu kapangku.
Hartina :
Teu matak kitu kieu, sabab panarimaan geus bisa nutup pangaluaran.
Susah-payahna jeung pait-peuheurna geus kalakonan, di turunan mah muga-muga ngan kari ngeunahna baé.
505. Bohong dirawuan.
Hartina : Kacida rahulna.
506. Ngarawu ku siku.
Hartina : Loba teuing anu disanghareupan ku lantaran hayang meunang kauntungan anu gedé, temahna teu meunang kauntungan naon-naon, sabab ieu teu kacabak, itu teu kapigawé.
507. Endog sasayang remek hiji, remek kabéh.
Hartina : Kajeun cilaka babarengan ti batan ngan saurang anu salamet, ari nu séjénna mah carilaka kabéh.
508. Aya réngkolna.
Hartina : Aya tulisanana.
509. Rejeki maungeun.
Hartina : Rejeki anu gede anu datangna bleg sakalian, ngan hanjakalna rejeki anu bleg-blegan kitu mah langka pisan kapanggihna.
510. Sareundeuk saigel = Sabobot sapihanéan = Sabata sarimbagan.
Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
511. Reuntas ku tingkah.
Hartina : Turun harkat ku lantaran goréng laku­lampah.
512. Uncal tara ridu ku tanduk.
Hartina : Jelema mah tara pusing atawa kaganggu ku élmuna anu loba.
513. Sabata sarimbagan.

Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.



514. Riung mungpulung.

Hartina : Duduluran karumpul kabéh.



515. Kawas ka budak rodék hulu.

Hartina : Teu ngupama (ngajénan, ngahargaan) pisan.



516. Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.

Hartina : Nu keur susah ditambah deui kasusah­anana.



517. Pada rubak sisi samping.

Hartina : Sarua bae pada loba- luangna, pada loba pangalamanana.



518. Piruruhan dikatengah-imahkeun.

Hartina : Nu dusun kurang didikan, dibawa kana médan (pasamoan).



519. Rusuh luput = Gancang pincang.

Hartina : Migawé naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung, sabab hasilna teu matak nyugemakeun.



520. Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan.

Hartina : Junun nyanghareupan pagawéan anu nuju dilampahkeun, teu kaganggu ku naon-naon.



521. Taya halodo panyadapan.

Hartina : Taya eureunna digelendeng atawa dicarékan.



522. Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah.

Hartina : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka nu geus beunghar.



523. Sagara tanpa tepi.

Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.



524. Nyair hurang meunang kancra.

Hartina : Sugan teh arék meunang kauntungan; kamuliaan atawa bagja anu leutik, manahoréng meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu gedé.



525. Nyaliksik ka buuk leutik.

Hartina : Nyusahkeun, peperedihan atawa pépéntaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.



526. Nyalindung di caangna.

Hartina : Ngahaja meres rahayat supaya meunang kauntungan anu leuwih gedé ku jalan ngajual ngaran pamaréntah, pangagung atawa dunungan.



527. Nyalindung ka gelung.

Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana. Nu dipalar milu hirup senang, teu karana hésé jeung capé.



528. Samagaha pikir.

Hartina : Bingung, poékeun haté, susah pikir.



529. Kawas hayam panyambungan.

Hartina : Tacan nyaho di kalér-kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat.



530. Awak sampayaneun.

Hartina : Maké pakéan nu kumaha ogé lucu baé, pantes baé.



531. Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang.

Hartina : Sumerah, masrahkeun diri, rék dibeureum rek dihideung kari kumaha di dinya baé, tina rumasa geus salah atawa boga dosa.



532. Asa nyanghulu ka jarian.

Hartina : Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.



533. Titip diri, sangsang badan.

Hartina : Mihapékeun diri.



534. Sangsara di geusan betah.

Hartina : Teuing ku miskin, teu boga naon-naon pisan ku lantaran geus embung digawé nyiar kipayah. Anéhna téh, ari hirup mah hayang kénéh.



535. Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah.

Hartina : Ari laku-lampahna mah kawas santri, tapi sok daék cukat-cokot (ceceremed).



536. Langsung saur, bahe carék.

Hartina : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.



537. Élmu sapi.

Hartina : Samiuk (guyub) dina kagorengan.



538. Sapi anut ka banténg.

Hartina : Awéwé nuturkeun ka salakina.



539. Sari gunung.

Hartina : Ngeunaan ka jelema anu ti kajauhan mah katémbongna teh kasép atawa geulis, tapi ari geus deukeut bréh baé yén rupana teh goréng patut.



540. Satru kabuyutan.

Hartina : Musuh nu geus lila pisan.



541. Sawan geureuh.

Hartina : Teu tulus rék kawinna, boro geus loba nu nyarahoeun jeung nyaritakeun.



542. Sawan kuya.
Ari naékna mah bisa jeung gampang, ngan turun­na teu bisa jeung hésé deuih.
Gampang ari meunangna pagawéan mah, ngan hésé béléké pikeun kaluarna.



543. Sawan goléah.

Hartina : Mondok teu milih heula tempat anu pantes; abong-abong geus tunduh, di mana baé dugna. Di dinya tunduh, di dinya goléah.



544. Nété semplék, nincak semplak.

Hartina : Ninggang dina salah jeung rugi baé, turug-turug kasusah nambahan deuih.



545. Rujak sentul.

Hartina : Jelema nu teu ngartieun kana maksud omongan atawa carita batur.



546. Sereg di buana, logor di liang jarum.

Hartina : Ku lantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu ramé, sabab sieun; karesepna teh di nu suni, nu euweuh jelema.



547. Seuneu hurung, cai caah.

Hartina : Keur amarah, keur ambek, keur napsu.



548. Nyeungeut damar di suhunan.

Hartina : Ku lantaran pupujieun, ari ka deu­ngeun mah daréhdéh jeung méré mawéh, tapi ari ka baraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung korét deuih.



549. Nyeungseurikeun upih ragrag.

Hartina : Akey-akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus bodas, huntu geus ompong, tonggong geus bengkung, turtaning ieu téh kahareup mah ku urang saréréa bakal kasorang.



550. Seuseut batan neureuy keueus.

Hartina : Hésé pisan.



551. Hurung nangtung siang leumpang.

Hartina : Eukeur mah beunghar, loba pakéan anu aralus, turug-turug resep ngaginding deuih.



552. Nyiar batuk piaraheun.

Hartina : Nyiar pigujrudeun, pipaséaeun.



553. Sieuran.

Hartina : Sapaliwat mah siga goréng rupana, tapi lamun diawas-awas bet tegep tur manis.



554. Teu dipiceun sasieur.

Hartina : Sarua pisan teu aya bédana saeutik-eutik acan.



555. Aya di sihung maung.

Hartina : Ku lantaran loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.



556. Medal sila.

Hartina : Ninggalkeun pasamoan tacan waktuna, lantaran ambek nyedek atawa meunang wiwirang anu gedé.



557. Jati kasilih ku junti.

Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing, upamana : dina perkara nyiar kipayah.



558. Nu titeuleum disimbeuhan = Nu borok dirorojok.

Hartina : Nu keur nandangan lara jeung susah, heug ditambahan kanyenyerianana deuih.



559. Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung.

Hartina : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.



560. Nyiuk cai ku ayakan.

Hartina : Pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon.



561. Kawas nu mulangkeun panyiraman.

Hartina : Sok nu lain-lain jeung hésé ngayakeunana anu dipikahayang ku jelema anu téréh ajal mah, kahayangna téh sabisa-bisa mah kudu dicumponan baé, sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina.



562. Kawas siraru jadi.

Hartina : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.



563. Sireum ateulan.

Hartina : Teu rata gedéna, atawa teu rata leutikna; gedé sawaréh.



564. Sireum ogé katincak-tincak teuing mah tangtu ngégél.

Hartina : Nu leutik, tur hina ogé, ari dikaya-kaya teuing mah tangtu ngalawan ngabéla diri.



565. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran.

Hartina : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah, moal aya kamajuanana, boh ngeunaan pangkatna, boh ngeunaan rejekina.



566. Sirung ngaliwatan tunggul.

Hartina :
Darajat atawa milik anak, ngaluhuran bapa.
Anak ninggalkeun paéh ka indung atawa ka bapana.



567. Situ kaliung ku taman.

Hartina : Anu heubeul, éta nu kawentar atawa kamashur. Anu anyar mah henteu. Upamana : Ngeunaan imah jst.



568. Sosoroh ngadon kojor.

Hartina : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan, tapi boro-boro meunang kauntungan, kalah ka meunang wiwirang jeung karugian.



569. Nyuhun, nanggung, ngélék, ngégél.

Hartina : Rébo pisan, loba naker babawaanana.



570. Suku dljieun hulu, hulu dijieun suku.

Hartina : Digawé nyiar kipayah, kalawan méakkeun tanaga jeung pikiran.



571. Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun.

Hartina : Saréréa disaruakeun baé. Mun salah, salah saréréa. Mun bener, bener saréréa.



572. Bluk nyuuh, blak nangkarak.

Hartina : Kabina-bina rajinna, dina enggoning nyiar kipayah.



573. Ari diarah supana, kudu dipiara catangna.

Hartina : Naon baé anu méré hasil ka urang kudu diurus bener-bener.



574. Pakokolot supa.

Hartina : Patungturun umur, bédana ogé teu sakumaha.



575. Kawas supa jadi.

Hartina : Gancang pisan jadina jeung ngalobaanana. Upamana : ngeunaan koperasi dina jaman kiwari.



576. Tisusut-tidungdung.

Hartina : Kumawula ka dunungan atawa ka anak-pamajikan kalawan popohoan teuing, nepi ka nyanghareupan rupa-rupa kasusah.



577. Naheun bubu pahareup-hareup.

Hartina : Pahutang-hutang, si A boga hutang ka si B jeung si B ogé boga hutang ka si A.



578. Diguley ku taina.

Hartina : Duit anu dijalankeun téh, beuki lila beuki gedé, lain ku lantaran modalna ditambahan, tapi ngagedéanana téh ku lantaran loba kauntunganana.



579. Tai ka hulu-hulu.

Hartina : Teuing ku bodo.



580. Taya dunya kinasihan.

Hartina : Ka saha baé ogé anu dipikaasih ku urang mah, euweuh hiji barang anu dikorétkeun.



581. Carang takol.

Hartina : Saeutik caritana. Nu diomongkeun téh dicokot perluna bae.



582. Deukeut-deukeut anak taleus.

Hartina : Ari imah mah puguh oge padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti baréto, yen éta téh baraya.



583. Kawas cai dina daun taleus.

Hartina : Ngaléak-léak baé béak, teu aya pisan ngarina. Ngeunaan rejeki.



584. Ngaliarkeun taleus ateul.

Hartina : Ngucah-ngacéhkeun perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka saréréa.



585. Taman kaliung ku situ.

Hartina : Nu anyar anu kawentar, lain nu heubeul. Ngeunaan barang, upamana : imah.



586. Témbong tambagana.

Hartina : Katémbong kagorénganana.



587. Seukeut tambang manan gobang.

Hartina : Sakumaha gagahna, wanina jeung ngalawanna ogé, jalma jahat mah awal-ahir tangtu katangkepna ku pulisi.



588. Tamiang meulit ka bitis.

Hartina : Meunang wirang ku lantaran ngucah-ngacéhkeun rasiah batur.



589. Pagirang-grang tampian.

Hartina : Paunggul-unggul dina néangan pangupa jiwa.



590. Pindah cai, pindah tampian.

Hartina : Robah tempat matuh, robah adat jeung kabiasaan.



591. Tamplok batokeun.

Hartina : Béréhan teuing, nepi ka urang mah susah.



592. Sieun bahé tuluy tamplok.

Hartina : Sieun rugi saeutik, jadina rugi gedé pisan.



593. Jauh tanah ka langit.

Hartina :
Pohara bédana, ngeunaan kakayaan atawa martabatna.
Kahayang anu luhur teuing, pimohaleun kahontal.



594. Gedé gunung pananggeuhan.

Hartina : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedén. Dina urang aya kare­repet atawa butuh ku pitulung, éta jelema bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaanana.



595. Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna.

Hartina : Gusti Allah tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.



596. Kawas nanggeuy endog beubeureumna.

Hartina : Nyaah teu aya wates-wangenna. Balukarna : paur baé nu aya téh, bisi jelema anu dipikanyaahna téa papanggih jeung kasusahan.



597. Nanggung bugang.

Hartina : Kapapaténan ku dulur sakoloteun atawa sangoraeun.



598. Tanggung rénténg.

Hartina : Nginjeum duit ka Bank Ra'yat babarengan, nu jadi borehna lain imah, atawa tanah, tapi anu ngarinjeum téa silih borehan.



599. Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman.

Hartina : Ngariung, rarageman ngabadamikeun hiji perkara.



600. Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang.

Hartina : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulia.